SALIRA #1
Tuesday March 17th 2009, 08:10
Filed under:
love
Ngalangkung kapayuneun simkuring sang mega..
Sang hujan…sang angin…sang katumbiri…
Endah…endahhhh pisan,,….
Kingkilaban…
Dina harepan akang, nyai datang mawa kembang….
Paduduaan urang leumpang mapay mapay galengan…
Sawah nu negrak…kebon nu nyapyak…walungan nu mabrak…
Ah…
Sajatina mun aya anjeun didieu……
Aya hiji kahoyong akang…
Pasihan akang kanyaah anjeun…kadeudeuh anjeun..
Akang ge pasti masihan kanyaah nu langkung ageung….
Poe ieu bulan teu nembongan..kunaon??aya naon?
Sigana manehna keur nutup matana jang kuring…
Cahyana beakeun jang batur..lain jang kuring…
Hampura kuring geulis…
Akang teu bisa ngabageakeun anjeun…
Akang teu bisa nyieun anjeun masihkeun hate salira ka akang…
Ahhh…dimana hate anjeun ayeuna???
Geuning kitu nyah geulis…
Impian jeung kanyataan teh kadang-kadang mah bisa teu nyambung…
Loba nyeuri hate na laumn diimpleng mah..
Haying teh kieu nu datang kitu…
Haying nu ieu nu dibikeun itu…
Lamun akang keur ngalamun…
Pasti ngalamunkeun anjeun…
Salira nu dipusti-pusti..
Salira nu pasti ku akang dijaga….
Lambeuy nu sakitu euceuy…
Damis nu ngahinis…
Pangamung nu alit tapi nambih mamanis…
Soca nu ngahaneutkeun kalbu…
Diri anjeun nu matak kuring sawan…
Diri anjeun nu matak kuring teu inget kana nanaon….
Hanjakal mah hanjakal neng..
Urang nu baheula pernah paheut teh geuning pipisahan teu walakaya..
Kunaon atuh neng?kunaon?
Rumasa kuring mah goreng patut..
Harta teu boga banda teu aya…
kuring mah ngan boga kanyaah kanggo anjeun..
tapi anjeun haying nu leuwih???
Naha geuning jadi kieu geulis??
Naha jadi papisah?
Naha jadi panggang?
Naha jadi pasea?
Jadi kuring nu salah?
Jadi kuring nu boga masalah??
“SALIRA” #1
Monday March 16th 2009, 18:24
Filed under:
POETRY,
love
Ngalangkung kapayuneun simkuring sang mega..
Sang hujan…sang angin…sang katumbiri…
Endah…endahhhh pisan,,….
Kingkilaban…
Dina harepan akang, nyai datang mawa kembang….
Paduduaan urang leumpang mapay mapay galengan…
Sawah nu negrak…kebon nu nyapyak…walungan nu mabrak…
Ah…
Sajatina mun aya anjeun didieu……
Aya hiji kahoyong akang…
Pasihan akang kanyaah anjeun…kadeudeuh anjeun..
Akang ge pasti masihan kanyaah nu langkung ageung….
Poe ieu bulan teu nembongan..kunaon??aya naon?
Sigana manehna keur nutup matana jang kuring…
Cahyana beakeun jang batur..lain jang kuring…
Hampura kuring geulis…
Akang teu bisa ngabageakeun anjeun…
Akang teu bisa nyieun anjeun masihkeun hate salira ka akang…
Ahhh…dimana hate anjeun ayeuna???
Geuning kitu nyah geulis…
Impian jeung kanyataan teh kadang-kadang mah bisa teu nyambung…
Loba nyeuri hate na laumn diimpleng mah..
Haying teh kieu nu datang kitu…
Haying nu ieu nu dibikeun itu…
Lamun akang keur ngalamun…
Pasti ngalamunkeun anjeun…
Salira nu dipusti-pusti..
Salira nu pasti ku akang dijaga….
Lambeuy nu sakitu euceuy…
Damis nu ngahinis…
Pangamung nu alit tapi nambih mamanis…
Soca nu ngahaneutkeun kalbu…
Diri anjeun nu matak kuring sawan…
Diri anjeun nu matak kuring teu inget kana nanaon….
Hanjakal mah hanjakal neng..
Urang nu baheula pernah paheut teh geuning pipisahan teu walakaya..
Kunaon atuh neng?kunaon?
jakarta, 16032009
peuting teu kahaja….
Friday March 13th 2009, 10:09
Filed under:
love
dina biwir gawir kuring ngalanglayang ka awang-awang….
kasadaran geur ampir-ampiran pareum…
raga geus euweuh tanaga, taya daya….
kabeh alatan sababaraha ucap nu dikedalkeun ku anjeun….
dina hiji biwir laut nu endah kakoncara…
kuring jeung salira calik paduduaan…
ahh….lamun anjeun apal kumaha ngageterna hate kuring, kumaha ratugna jantung ieu, kumaha panas tirisna awak….
anjeun pasti yakin, yen kuring harita teh leres-leres mikanyaah salira….
ngobrol ngaler ngidul teu puguh carita..
da kuring apal..yen salira teh resep nyarios…
ah da teu janten masalah kanggo simkuring mah..ku ngadangu soanten salira ge hate teh tos bingah kacida…
komo ieu mah junjunan hate, ah…halimpuna kabina-bina….
angin ngahiliwir ngagenahkeun raga…
sora ombak nenangkeun hate…
cai laut nyingkirkeun pikiran goreng nu ngahalangan…
dina darmaga eta, urang duaan kedal ucap anu nu kuring teu disangka…
anjeun terang yen kuring mikanyaah mikadeudeuh ka salira…
anjeun terang eta tibasa eta..ti baheula…
tapi anjeun api-api teu apal…
anjeun pura-pura…atawa sabalikna??
peuting eta teh peuting nu teu kahaja…
peuting eta teh peuting nu nyadarkeun jiwa…
peuting eta teh peuting dimana kuring bener-bener teu walakaya..
peuting eta teh peuting dimana anjeun jujur…yen hate anjeun jang nu lian….
lain jang kuring…..
jika…
Thursday March 12th 2009, 14:21
Filed under:
love
jika aku punya uang banyak…maka aku akan memberikannya padamu…
dan begitu pula jika aku punya boneka sebanyak itu, maka akan ku perrsembahkan semuanya untukmu….
Thursday March 12th 2009, 09:37
Filed under:
love
haduh2….geuning kieu nya nasib teh…
hoyong apal naon masalah nu ayeuna ku abdi dialaman?
kieu yeuh caritana…
salami ieu, ti mulai puber (kira2 kelas 2 smp) nepi ka kamari kuliah, can kacaritakeun sayah di tolak ku istri…(da sayah ge teu ngarti, naon nu matak istri2 nu ku sayah ditembak teh pasti narima sayah…), padahal mah sayah teh goreng patut kabina-bina, dedeg teu sampe rupa teu hade…jarawat neplak di sakujur rarai.. awak hideung kapanasan ku panon poe…jangkung henteu pendek henteu…mata sipit jajauheun ka orang cina…letah cadel cenah mah bakat ku pendek…
jadi naon atuh nu matak kuring payu wae teh??naon???
sadarna mah ayeuna geuning, lain sadar kana kakurangan, ngan sadar yen ditolak ku hiji istri nu dipikanyaah teh nyeri…komo ieu mah dipikanyaah dipikadeudeuh na teh pisan2…bener2…sungguh2..
sayah mikir bari seuri bari nyeri hate…koq bisa ya gue ditolak??!!!
tapi bener, semakin sayah ditolak, semakin sayah terus2an mikanyaah manehna…
lamun ningali rarayna dina foto, ya Alloh…deg deg degan hate kuring…
jujur…lamun dijenengkeun mah jeung lamun dijodokeun…anjeunna bakal jadi nu terakhir, anjeunna bakal jadi bidadari nu bakal dinangna-nengne..dipikanyaah ku sakujur awak, dipikadeudeuh ku sakabeh hate….
lamun seug baheula teu papanggih jeung manehna…moal kieu kajadiannna meureun nya…
lamun anjeun maca ieu..anjeun pasti apal, sakumaha ageungna rasa cinta kuring ka salira…rasa nyaah nu ngagalura dina hate jeung raga…
kanggo anjeun : my princess….
dasar dasar dasar dasar dasar dasar dasar gehel!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!
ambek mode : on..!!!!!
aduh…rieut deui wae yeuh…
Monday November 24th 2008, 14:00
Filed under: Uncategorized
astagfirullohal’adzimm…kunaon ari anjeun teh??naha dugi ka kitu2 teuing ka abdi?
jigana memang abdi nu lepat, abdi kedah seueur sabar…kedah seueur ngaraoskeun nu ku anjeun karaos….kdah seueur merhatikeun anjeun deui..nu leuwih leleb..nu leuwih anteng…
duh…gusti…mun leres2 cobian ti Anjeun, abdi nganken, yen abdi teu kiat nandangannana..teu kiat ku nyerina hate…..
ampun Gusti Pangeran abdi…simkuring seueur kalepatan…kirang amal sholeh, kirang ibadah….ampuuunnnn Gustiii……
abdi ngaku, abdi tos nguciwakeun Anjeun….hapunten Ya Rabb….
ke lebaran haji bade uih moal??
assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh…
saderek sadaya nu kapihatur…
ke lebaran haji bade uih moal nya ka cigadog?
dipikir pikir mah rieut oge, nyesuaikeun libur lebaran haji sareng liburan natal plus tahun baru-an….
ari kurban na mah insyaalloh mun masih dipasihan rejeki keneh ku Alloh SWT bade dilaksanakeun…..
hayu ah urang uih..tapi ke uih deui nya??ah lieur…..
motor teu uyahan, asin euy…..
waduh, ketemu lagih bersama sayah jang ihsan nu ganteng nu manis tea yeuh…
daramang sadayana??pami simkirung mah (eh lepat, simkuring) alhamdulillah pas nulis ieu dina blog ieu teh aya dina kaayaan nu memprihatinkan, ari masalahna mah teu sapira, rieut ku motor….
coba geura, karek kamari karbu diservis, ganti oli, trus rante di olian, ditambah ku cuci motor sareng tambah angin, eh, pas wengina rek dianggo kalah kempes, mana hujan gede(maklum jakarte ayeuna keur hujan gede-gedena..), becek deuih…beuuhhhh……beuki kacau…….
matakna ayeuna motor diantep dikos-an, keun we sina sadar diri heula, teu uyahan tah si motor teh, teu mulang tarima pisan ka dunungan teh….hahaha..dasar motor tossa fit….campuran tossa jeung stiker honda supra fit…he……
rencana na mah ke beurang rek balik heula, rek ngompa ban….lamun teu paling paling ke sore, sakalian balik ka kos-an…barabe tuda….
tuh nya, ngacapruk teu pruguh sayah mah…nya bae lah da ngaranna ge nulis….naon we nu penting mah nulis…najan teu puguh naon nu dituliskeun nana…wahahaha..marangga ah….